Postingan

sodaqoh di malem kahiji nalika mayyit tos dikurebkeun

Ditinggaleun henteu cukup ku sedih Hiji faidah Diriwayatkeun ti kangjeng nabi Muhammad SAW. Henteu aya anu pangleuwih banget-bangetna  anu datang ka mayit tibatan malam ka hiji, ku ayana kitu  kudu karunya  aranjeun ka mayyit, ku sidqoh. Maka saha anu henteu bisa nyidekahan keur mayyit  maka sholat wae dua rokaat, dina tiyap-tiyap rokaat baca fatihah sabalik, ayat kursi sabalik,  jeung surat alhakumuttakatsur (at takatsur) sabalik, jeung surat qulhuwalloh (al ikhlas) sabalik, lapadz niatna ussholli sunnatal hadiyyati rok’ataini lillahi ta’aala. Allaahuakbar. Sejak kaula sholat sunnah hadiya h dua rokaat karena Allah ta’aala. Du’a anu di’aosna Allaahumma Innii Sholaitu Haadzihish Sholaata Wa Anta Ta’lamu Maa Uriidu, Allaahummab’asts Tsawaa Bahaa ilaa Qobri Fulaanin bni fulaan. Maka Allah SWT ngutus dina jam eta keneh sarebu malaikat ka pakuburan eta mayyit anu dihadiyahan tea,  eta tiap-tiap malaikat teh mawa cahaya anu ngabetahkeun  ka eta mayyit, di kuburna nepi ka tiyupan ka

AMALAN MALEMAN LAILATUL QODAR NUMUTKEUN IMAM AL-GOZALI DINA PARUKUNAN SUNDA

Gambar
KATANGTUAN LAILATUL QODAR (KAEDAH) Parantos ngandika Hujjatul Islam nyaeta Imam Ghojali sareng ulama anu sanesna.  "Saenya-enyana kalakuan, perkara lailatul qodar teh, eta tos kanyahoan ti awal Romadon keneh oge nyaeta kieu.  ~ Saupama awal Romadonna ninggang dina poe Ahad atawa Rebo, mangka lailatul qodarna dina peuting ka salapan likur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Senen mangka lailatul qodarna dina peuting nu kasalikur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Salasa atawa Jum’ah mangka lailatul qodarna dina peuting katujuh likur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Kemis mangka lailatul qodarna dina peuting lima likur. ~Saupama awal Romadon ninggang dina poe Saptu mangka lailatul qodar ninggang dina peuting katilu likur." Sareng parantos ngandika Syeh Abul Hasan. "Kaula ti mimiti baligh nepi ka ayeuna henteu luput ka kaula lailatul qodar ku ngamalkeun kana ieu kaedah anu tos dicaritakeun." NIAT SOLAT LAILATUL QODAR "Ussholli sunnata lail