AMALAN MALEMAN LAILATUL QODAR NUMUTKEUN IMAM AL-GOZALI DINA PARUKUNAN SUNDA


KATANGTUAN LAILATUL QODAR (KAEDAH)

Parantos ngandika Hujjatul Islam nyaeta Imam Ghojali sareng ulama anu sanesna. 

"Saenya-enyana kalakuan, perkara lailatul qodar teh, eta tos kanyahoan ti awal Romadon keneh oge nyaeta kieu. 

~ Saupama awal Romadonna ninggang dina poe Ahad atawa Rebo, mangka lailatul qodarna dina peuting ka salapan likur. 
~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Senen mangka lailatul qodarna dina peuting nu kasalikur. 
~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Salasa atawa Jum’ah mangka lailatul qodarna dina peuting katujuh likur. 
~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Kemis mangka lailatul qodarna dina peuting lima likur. ~Saupama awal Romadon ninggang dina poe Saptu mangka lailatul qodar ninggang dina peuting katilu likur."

Sareng parantos ngandika Syeh Abul Hasan.

"Kaula ti mimiti baligh nepi ka ayeuna henteu luput ka kaula lailatul qodar ku ngamalkeun kana ieu kaedah anu tos dicaritakeun."

NIAT SOLAT LAILATUL QODAR

"Ussholli sunnata lailatil qodri arba’a roka’atin lillahi ta’ala allohuakbar"

Seja kaula solat sunah lailatul qodar opat rokaat karena Allah Ta’ala. Ari Allah eta Anu Agung.

Ari bacaanana nyaeta dina rokaat kahiji, kadua, katilu, kaopat, eta sami nyaeta saba’da Fatihah teh baca alhaakumuttakaatsur al ayah (Q. S. At-Takatsur)  sakali, qulhuwallohuahad al ayah (Q. S. Al-Ikhlas) tilu kali. 

Tah saha-saha jalma anu ngalakonan ieu solat mangka bakal digampangkeun ku Alloh Ta’ala kaluar rohna dina waktu sakarotul mautna, jeung bakal disalametkeun ku Alloh tina siksa kubur, jeung bakal dipasihan ku Alloh opat tempat di aherat tina cahaya. Ari tiap-tiap hiji cahayana eta sarebu gedong di surga pikeun kasenangan jalma anu ngamalkeun ieu amal-amalan."

Tah ieu katerangan meunang nuqil tina Kitab Najhatul Majalis tina hadisna Rosululloh SAW. 

DU'A DINA PEUTING LAILATUL QODAR

Jeung disunahkeun dina eta peuting teh ngalobakeun maca ieu du’a:  

"Allohumma innaka ‘afuwwung karimun tuhibul ‘afwa fa’fu’annii."

Jeung nya kitu, baca ieu dikir:

"Laailaahaillallohu wahdahulaa syariikalahu lahul mulku walahul hamdu yuhyii wayumiitu wa huwa hayyun daaimun laayamuutu biyadihil khoiru wahuwa ‘ala kulli syaiingqodiir."
(Sakurangkurangna 400 kali).

 
Jeung nya kitu sunah maca ieu tasbih: 

"Subhaanallohi wabihamdihii subhaanallohil ‘aziimi astaghfirulloh."
(Sakurang-kurangna 200 kali).

Jeung nya kitu deui, dina peuting lailatul qodar teh kudu ngalobakeun taubat, ngalobakeun ibadah, ngalobakeun maca solawat. Jadi dina peuting lailatul qodar teh sing loba nyaringna tibatan sarena.     

----
PARUKUNAN SUNDA
Ditarjamahkeun tina basa Malayu kana basa Sunda ku Khodimul Ma’had al Islami Daarissa’adah Muhammad Abdullah bin Hasan Cikaroya Kidul Gunung Jaya Cisaat Sukabumi.

----
Disarungsum deui cara nulisna ku Chye Retty Isnendes

Komentar