Postingan

Menampilkan postingan dari Mei, 2020

AMALAN MALEMAN LAILATUL QODAR NUMUTKEUN IMAM AL-GOZALI DINA PARUKUNAN SUNDA

Gambar
KATANGTUAN LAILATUL QODAR (KAEDAH) Parantos ngandika Hujjatul Islam nyaeta Imam Ghojali sareng ulama anu sanesna.  "Saenya-enyana kalakuan, perkara lailatul qodar teh, eta tos kanyahoan ti awal Romadon keneh oge nyaeta kieu.  ~ Saupama awal Romadonna ninggang dina poe Ahad atawa Rebo, mangka lailatul qodarna dina peuting ka salapan likur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Senen mangka lailatul qodarna dina peuting nu kasalikur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Salasa atawa Jum’ah mangka lailatul qodarna dina peuting katujuh likur.  ~ Saupama awal Romadon ninggang dina poe Kemis mangka lailatul qodarna dina peuting lima likur. ~Saupama awal Romadon ninggang dina poe Saptu mangka lailatul qodar ninggang dina peuting katilu likur." Sareng parantos ngandika Syeh Abul Hasan. "Kaula ti mimiti baligh nepi ka ayeuna henteu luput ka kaula lailatul qodar ku ngamalkeun kana ieu kaedah anu tos dicaritakeun." NIAT SOLAT LAILATUL QODAR "Ussholli sunnata lail