sodaqoh di malem kahiji nalika mayyit tos dikurebkeun

Ditinggaleun henteu cukup ku sedih

Hiji faidah

Diriwayatkeun ti kangjeng nabi Muhammad SAW. Henteu aya anu pangleuwih banget-bangetna  anu datang ka mayit tibatan malam ka hiji, ku ayana kitu  kudu karunya  aranjeun ka mayyit, ku sidqoh. Maka saha anu henteu bisa nyidekahan keur mayyit  maka sholat wae dua rokaat, dina tiyap-tiyap rokaat baca fatihah sabalik, ayat kursi sabalik,  jeung surat alhakumuttakatsur (at takatsur) sabalik, jeung surat qulhuwalloh (al ikhlas) sabalik, lapadz niatna ussholli sunnatal hadiyyati rok’ataini lillahi ta’aala. Allaahuakbar. Sejak kaula sholat sunnah hadiyah dua rokaat karena Allah ta’aala. Du’a anu di’aosna Allaahumma Innii Sholaitu Haadzihish Sholaata Wa Anta Ta’lamu Maa Uriidu, Allaahummab’asts Tsawaa Bahaa ilaa Qobri Fulaanin bni fulaan.

Maka Allah SWT ngutus dina jam eta keneh sarebu malaikat ka pakuburan eta mayyit anu dihadiyahan tea,  eta tiap-tiap malaikat teh mawa cahaya anu ngabetahkeun  ka eta mayyit, di kuburna nepi ka tiyupan ka hiji tegesna poe qiamah.  Jeung Allah Ta’ala maparin nugraha ka jalma anu migawe sholat hadiyah tea kalawan sabingbilangeun perkara anu kaliwatan ku panon poe tina rupa-rupa kahadean, jeung diangkatkeun darajatna opat puluh rebu darajat, jeung dikawinkeun ka widadari, jeung dituliskeun keur manehannana ganjaran sarebu anu mati sahid, jeung dipangdamelkeun sarebu negri di sawarga, jeung dibere pakean sarebu perhiasaan, jeung moal kaluar ti dunya hingga ditingalikeun heula pitempateunana di sawarga kalawan kamurahan Allah Ta’ala. 

 

 

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

AMALAN MALEMAN LAILATUL QODAR NUMUTKEUN IMAM AL-GOZALI DINA PARUKUNAN SUNDA